Langsung ke konten utama

Postingan

DI NAGRI KATUMBIRI

Kecap, kalimah katut wirahmana lir geus gumulung jadi jenglengan khas Dedy Windyagiri anu misah ti parapanyajak sejen anu ka-dang-kadang tacan bisa ngalesotkeun tina ugeran kecap, kalimah katut adumanisna dina wangunan puisi. ~ H. Usep Romli H.M, Galura, Minggu IV, Agustus 1990 Dangding-dangding karya Dedy Windyagiri teh umumna pikabogoheun. Parantos kantenan ari perkawis aturan guru-lagu sareng guru-wilangan mah (da puguh sarat), ngatur pedotanana oge asa marerenah, bari taliti milih kecap. Dina ayana purwakanti estu basajan sahinasna tapi teu ilang endahna. Genah ditembangkeunana. ~ Apung S.W, Panganteur kumpulan dangding Jamparing Hariring, 1991 Kiblat Buku Utama, 2009; 14,5 x 21 cm; 96 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak
Postingan terbaru

BABASAN & PARIBASA 2

Pikeun ngumpulkeun babasan jeung paribasa anu dimuat di dieu, pangarang nyutatan babasan jeung paribasa anu kasampak dina karya sastra para pangarang Sunda nu geus moal bireuk deui. Minangka conto dipakena babasan jeung paribasa anu dimaksud, pangarang nyutat kalimah anu ngagunakeun eta paribasa tina buku-buku anu dijadikeun sumber. Buku ngeunaan babasan jeung paribasa teh, lain bae perelu dina hirup kumbuh urang Sunda kiwari anu beuki jauh tina basa Sunda, tapi pangpangna mah sangkan jadi cecekelan urang Sunda anu hayangeun boga referensi ngeunaan basana jeung sakaligus mangrupa gambaran ngeunaan kakayaan batin Ki Sunda. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 188 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

KEMBANG RUMAH TANGGA

Basajan, basajan pisan carita Kembang Rumahtangga beunang Tjaraka (sandiasmana Wiranta, 1902-1983) téh. Atuh anu dicaritakeunana jalma-jalma basajan deuih, sanajan aya tokoh Sujana, jalma beunghar (diréktur hiji perusahaan) anu saliwatan mah hirupna henteu bisa disebut basajan, tapi da jero-jerona mah manéhna ogé jalma basajan nu henteu réa tingkah. Dina nyaritakeunana, Tjaraka ogé basajan deuih. Henteu aya bérégégéh atawa tipepereket nyieun ceta, ku lantaran hayang béda ti nu ilahar. Teu, Tjaraka mah dina karangan-karanganana tara aya maksud kikituan. Malah sabalikna, carita-carita Tjaraka mah jiga nu hayang ilahar baé, parok jeung nu séjén. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 88 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

MERCEDES 190

Ramena anu maraca narulis pamanggihna ngeunaan Mercedes 190 ném­bongkeun yen eta carita teh memang pada ma­raca, pada mikaresep. Nurutkeun pamanggih Muh. Rustandi, carita (sastra) teh kudu dipi­ka­resep ku nu macana; padahal karya-karya sastra In­donesia moderen beunang para sastra­wan ngora sidik henteu dipika­re­sep ku nu maracana, jadi henteu dibara­ca. Rustandi nganggap yen para sas­tra­wan Indonesia nurutan teuing para sastrawan Barat, nepi ka hen­teu wanoh ka nu maraca karya-karyana, nyaeta bangsana sorang­an. Nepi ka aya nu boga anggapan yen karya sastra anu luhur ajenna mah nyaeta anu hese dihartikeunana ku nu maracana. Muh. Rustandi hayang nga­buktikeun yen karya sastra anu hade, anu luhur ajenna oge bisa dipikaresep ku nu maracana. Mercedes 190 dianggap conto nu ngabuktikeun pamanggihna tea. ~  Ajip Rosidi Kiblat Buku Utama, 2021; 14,5 x 21 cm; 112 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

GANJARAN KAHADEAN

Kasanggakeun ieu dongeng rupa-rupa. Aya fabel (carita sasatoan), aya carita jaman karajaan. Ditambah carita kaagamaan nu dicutat tina sawatara kitab. Eusina, nyoko kana perkara ganjaran ka sing saha anu nyieun kahadean, jeung wawales ka nu nyieun kagorengan. Mugi janten pieunteungeun dina pakumbuhan hirup sapopoe. ~ Usep Romli H.M. Kiblat Buku Utama, 2018: 14,5 x 21 cm; 44 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SABOBOT SAPIHANEAN SABATA SARIMBAGAN

Dina "Sabobot Sapihanean Sabata Sarimbagan"—novel psikologis romantis antara lalaki jeung awewe, salaki jeung pamajikan—Rustandi hayang ngagambarkeun ngahijina—dina pranata kulawarga—dua jalma nu masing-masing boga kasang tukang budaya nu dikotomis-antagonis kadangkala konflik: lembur (Anah, teu dicaritakeun kungsi sakola, diistilahkeun ku Rustandi “bau lisung”)—kota (Tatang, lulusan paguron luhur, insinyur, “bau gedong”), tradisional—moderen, menak—cacah. Anu bisa ngahijikeun ieu dua budaya nyaéta cinta anu ngagalura di antara kadua jalma. Dina ngagambarkeun kasang tukang budaya tokoh-tokohna, konflik antara dua budaya jeung cara ngudaranana eta konflik, Rustandi ngagunakeun basa—kalimah jeung kecap—anu ringkes tapi pinuh ku siloka, silib-sindir sarta semu, plastis jeung asosiatif, dirangkay ku kaparigelan nyaritakeunana sanajan jalan caritana ukur basajan (papanggihna Anah jeung Tatang, cukang lantaran konflik antara Anah, si cacah kuricakan, jeung Bu Danu, ibuna Tatang, si

PRABU ANOM - Le Petit Prince Edisi Basa Sunda

Dina hiji wanci, aya Prabu Anom nu neangan domba di tengah sagara keusik... Nu manggihanna ge teu percayaeun. Naha aya budak di tengah gurun? Naha nyasab, kiru? Tapi si budak teh teu siga nu nyasab, kalahka haben we menta domba. Teu disawang, geuning budak teh pikanineungeun tur caang pikir. Ti man budak teh asalna? Naha manehna nyaba ka Sahara? Kunaon bet hayangeun domba? Ieu carita geus didongengkeun ti mimiti taun 1943, kungsi ditarjamahkeun oge ka 300 leuwih basa di sakuliah dunya. Ahirna medal oge buku caritana dina basa Sunda. Ieu buku teh salian ngagunakeun basa Sunda, direumbeuy oge ku aksara Sundana pikeun latihan diajar aksara Sunda Kiblat Buku Utama, Cit. II, 018, 14,5 x 21 cm, 172 kaca, full color, Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak